carita kuring dina ngalampahan ieu kahirupan di dunya

Sunday, March 12, 2006

tos lami geuning kuring ieu blog teh di antepkeun, sanes kuring hilap, namung tos ti sasih oktober dugi ka desember kuring ti sibuk pisan, dugi ka teu sempet tulas tulis dina di dieu.

tah upami ti Januari dugi ka Pebruari kapengker, kuring teh saleresna mah liburan. mulang ka tatar sunda. Walah gaya Bandung ayeuna tos gaduh jembatan layang geuning nya hehe.. saurna mah si eta jembatan layang mun ti luhur di tinggal na sigah kacapi, tapi duka leres duka henteu da teu acan ninggal ti luhur mah.

Asa bungah kuring tiasa rada lami di bandung, tiasa nyarios sunda deui ampir unggal waktos, teu palaur batur teu ngartos. Ieu perasaan mah jeuger yeuh letah teh didieu mah gara-gara nyarios bahasa batur wae. nu paling karaos nikmat mah, tiasa kulem nanggo simbut, sataun di Aceh jeung Nias da tara kuring kulem nganggo simbut, da didieu tea panas na menta ampun.

Tuangen teh asa sadayana nikmat, komo tuangen di bumi mah, da eta we tuang tiasa opat dugi ka lima kali sadinten, tara biasana tah. didieu mah sadinten tilu kali ge asa tos sering teuing. mung tuang seeur oge ari abot mah teu nambihan, paling nambihan ge sakilo panginten.

Rerencangan SMA tiasa di tepangan, atoh pisan da tos lami pisan teu patepang. kongkow sareng rerencangan kuliah kapungkur asa betah pisan, matak hoyong uih deui ka kahirupan kapungkur. Ah pokonamah asa kaubaran we sagala nu karaos dina nyanghareupan sataun kamari di damel di Aceh teh.

Tah nu paling ka emut pisan mah, tiasa ngigel nganggo musik sunda, asa kaleresan ka bandung teh pas AMP gaduh acara ageung, nyalanggarakeun kursus kanggo mahasiswa kadokteran sa Asia. Memang janten di damel oge tapi teu sawios lah, da dameleun nu tos lami tara ilu biung. Kursus na teh tema na peran mahasiswa kedokteran dina penanganan bencana, tah dina panutupan kursus aya tatabeuhan sunda, nya atuh kuring bisa ngigeul di tabeuhan ku kendang sunda jeung tatabeuhan nu sanes na, asa di ogo kuring da tos lami pisan tar ngigeul sunda deui. pokonamah asa genah pisan atuh ieu awak.

Ayeuna mah simkruing teh tos aya di Nias deui, bakal lami deui yeuh kurung lalampahan di dieu, moal rengse dina mangsa sataun deui. keun we lah, panginteun ieu mah tos jalana simkuring kedah ka dieu deui. mugi-mugi pas uih ka bandung deui tiasa ngigeul deui, namung teu terang iraha? ayeuna mah urang mimitian deui we lalampahan kuring di pulo Nias teh.


Saturday, October 15, 2005

Kurung Batok

Malem minggu yeuh, tapi naha simkuring mah ngadon teu kamana-mana, ngadon ngalamun ngingetan mangsa katukang. Rek nyobian di damel ieu emutan teu tiasa konsen, kulem ieu soca masih bengras. Tah daripada ngalamun teu paruruguh mendingan urang seseratan deui we nya.

ngemutan lalampahan simkuring katukang, simkuring janten ka emutan hiji tetelah nya eta tetelah "kurung batok". Lamun ku urang emutan, seeur pisan kolot urang teh nyarios, yen urang sunda mah kurung batok, teu siga urang jawa, urang batak nu biasana malalencar ti lembur, aya di mana-mana. Ieu teh kanyataan atanapi papagah ka urang urang? ieu tetelah teh tiasa leres, upami ningal kanyataan, yen teu seueur urang sunda anu aya di sumatera, kalimantan atanapi sulawesi di bandingkeun sareng urang jawa atanapi nu sanes deui. Tapi tiasa oge ieu teu papagah, kolot urang hayang nyindiran ka urang-urang, ngameh entong kurung batok.

Ari ningal kiwari mah, ieu tetelah kurung batok kanggo urang sunda teh panginten tos rada kaseuseuh, ngemutan seeur pisan urang sunda di mana-mana. Simkuring mah asa inget mangsa sa atos na tsunami di meulaboh, na meulaboh teh asa di lembur nyalira we, bakat ku seeurna urang sunda waktos harita. Panginten ieu teh dugi ka ayeuna.

simkuring nyalira, teu nganut ieu paham kurung batok, ceuk simkuring mah ieu teh sindiran kolot-kolot urang ngameh tiasa ngalengkah langkung ageung. tapi sanaos kitu, tatar sunda mah gaduh pelet nyalira, tetep we sanaos resep ngaprak oge, aya we kahoyong uih mah, sareng saatosna nincak lembur nyalira teh, biasana mah ieu sampean teh beurat pisan di lengkahkeun, hoyong na teh netep we.

Panginten seueur oge rerencangan-rerencangan nu sanes, anu oge teu satuju deui yen urang sunda teh kurung batok. Bakat ku seueurna kabayan-kabayan jeung iteung iteung anu aya di luar tatar sunda. Cing simkuring mah hoyong terang ti nu sanes yeuh, anu sami sami urang sunda tapi parantos gaduh kahirupan di luar sunda, bohna di benten provinsi, pulo, atanapi benten nagara sakantenan.

Cik ah.......!!!!

Banda aceh, 15 oktober 2005, hari ka sapuluh sasih romdon.

Thursday, October 13, 2005


tah ieu teh foto kuring nuju apruk aprukan di pulo nias, pulo kasohor tempat surping, di tukangeun katinggal pantei panjang (ceuk urang bule mah long beach cenah). lami oge tah abdi di pulo ieu, 4 sasih ti mimiti aya gempa ageung nu anu ngareksakeun pulo ieu. Posted by Picasa

Banda Aceh 13 Oktober 2005


Dinten ayeuna, simkuring asa ka ingetan ku rerencangan anu sami sami tebih ti tatar sunda, yen kuring teh urang sunda, ti karuhun na oge, kuring mah urang sunda, teu aya cacadna. Hanjakalna simkuring teh tos mulai jarang nganggo ieu basa, sa atosna di damel tebih wae, jarang patepang sareng urang sunda, sareng nuju kuliah emang tos rada jarang yeuh basa di anggo janten basa sadidinten. mun teu di bumi mah, weleh we ieu basa tara di anggo pisan.

ti mulai dinten kamari asa na teh resep deui yeuh nganggo ieu basa, janten ieu basa teh bad sering di anggo deui ku simkuring.

Upami urang emutan, ieu basa teh sapertosna parantos janten basa kolot-kolot urang hungkul, barudak ayeuna tos jarang nu nganggo basa sunda janten basa sadidinten. barudak ayeunamah leuwih jago bahasa inggris tibatan basa sorangan. tah dina hal eta, simkuring janten ka ingetan bade nyerat hiji blog anu khusus nganggo basa sunda. hiji kanggo ngemutan sorangan, kadua ngemutan rerencangan, katilu na mah, ngilu nyalametkeun ieu basa.

hatur nuhun yeuh ka neng unky, nu parantos ngingetan. mugia we ieu blog tiasa lancar ka hareupna.

tah, mulai ti ayeuna urang hageutkeun deui ah basa sunda teh.